Resensi
Novel Babalik Pikir
judul :Babalik Pikir
pangarang :Samsoedi
Penerbit :Girimukti
Kaping Terbit :1932
Jumlah kaca :72
kategori :Novel
Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu kacida baong jeung bengal ka kolot nu ngarana si Emed. Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg. Ku baong baongna si Emed bapana nepika maon kapacok oray kusabab neangan si Emed peuting-peuting. Si Emed ngarasa salah pisan kulantaran maotna bapana, tapi rasa salahna teh teu lila, si Emed tetep jadi jelema baong jeung bengal ka indungna.
Hiji poe si Emed indit ti imahna kusabab pundung ka indungna kulantaran teu
dipangmeulikeun pepeutasan jeung papakean lebaran, padahal indungna teu
pangmeulikeun manehna kulantaran salah si Emed sorangan nu kamalingan basa rek
meuli pepetasan di pasar baru.
Dina kaburna, si Emed meunang pangalaman anu kacida gedena. Timimiti ngangon
meri, disangka maling nepika di bawa ka pangbuian barudak di Samarang. Di
pangbuian barudak eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed
pangresepna kana manday beusi, di dinya oge si Emed manggihan sobat anu satia,
ngarana si Joko. Hiji poe, si Joko meunang balik ti pangbuian, kusabab manehna
geus 18 taun, si Joko ngajakan nu teu baleg ka si Emed sangkan kabur ti
pangbuian kucara digulung make samak, si Emed asalna embungeun, tapi lila
kalilaan mah daekeun. Dicaritakeun yen si Emed jeung si Joko bisa kaluar ti
pangbuian tanpa kanyahoan mawa si Joko dina buntelan samak. Di Jalan rek balik
beus anu ditumpakan kacilakaan, dina kacilakaan eta si Joko maot, atuh si Emed
teu boga sobat deui jeung hirup sorangan deui. Basa si Emed keur kalaparan si
Emed papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, si Emed hirup jeung
tukang bajigur eta nepika boga pagawean manday beusi di bengkel. Sanggeus kitu
si Emed balik ka lembur anu ditinggalkeuna pikeun papanggih jeung indungna anu
geus lila teu papanggih.
Novel ieu alus
pisan pikeun dibaca rumaja, kusabab dijerona loba ngandung unsur pendidikan
sangkan para rumaja ayeuna ulah boga kalakuan jiga si Emed dinu carita tadi. Si
Emed mangrupakeun tokoh nu mere conto yen lamun ngedul, baong jeung Bengal
kakolot teh teu alus jeung urang bisa meunang balesana. Kakurangan novel ieu hampir eweh, tapi mun ditilik tina jumlah kacana,
carita ieu jiga nu lain ditujukeun pikeun rumaja, padahal carita ieu
nyerminkeun rumaja pisan anu labil jeung maksakeun kehayang sorangan.
Nina
Mariyana
XI IPA 3






Tidak ada komentar:
Posting Komentar