foto hari batik nasional

hari batik nasional bersama bu fitri

foto hari batik nasional

foto hari batik nasional bersama bu TIK

foto hari batik nasional

foto hari batik nasional bersama pak hartono

foto hari batik nasional

foto hari batik naionl bersama bu komala

foto hari batik nasional

foto hari batik nasional bersama pak kusnawan JG

Selasa, 14 Mei 2013

sanggeus halimun peuray

resensi novel "sanggeus halimun peuray" 



 
JudulResensi   : Jodo nu teu disangka

  • Pangarang       : Aam Amilia
  • Pamedal          : Pustaka Amaldi
  • TahunTerbit     : 1982
  • TempatTerbit : Bandung
  • Kandel buku   : 76 halaman
  • IlustrasiBuku :Cokelat,beureum bata,abu,bodas danhejo; Warna dasarna abu, aya gambar bangku warna cokelat, tulisan buereum bata jeung bodas.


  • Aam Amilia téh salah sahiji pangarang wanoja Sunda nu kawilang produktif tur penting dina Sastra Sunda. Mimiti ngarang ti taun 1960-an, nepi ka 2006 ratusan carpon jeung puluhan buku nu geus ditulis.Karangan Aam Amilia réréana mah ngagambarkeun kahirupan di pakotaan. Aya deuih sawatara karanganana nu ngandung unsur detéktif, siga dina buku Kalajengking. Lian ti ngarang, Aam gé ngipuk sawatara pangarang ku ngayakeun keurseus ngarang. Di antara pangarang nu kungsi kaasuh ku Aam téh Holisoh MÉ jeung Hérmawan Aksan.Lahir di Bandung, 21 Désémber 1946. Kungsi jadi wartawan jeung redaktur Majalah Manglé, majalah Hanjuang, koran Sipatahoenan, tabloid Galura, tabloid Kudjang, koran Sunda, wartawati Pikiran Rakyat.Buku kénging Aam Amilia: Samagaha (1969), Asmara Ngambah Sagara (1970), Lalangsé (1970), Jago-jago Bandung Selatan (carita barudak), Puputon (1979), Buron (1980), Sanggeus Halimun Peuray, Kalajengking (1980), Tempat Balabuh (1994), Sekar Karaton (1994), Panggung Wayang (1992).
                Novel Sanggeus Halimun Pueray nyaritakeun pamuda ngora nu nyaah ka indung ngarana Inu, ngalalakonan hirup kudu nulungan kawiwirangan anak babaturan indungna, anu hamil tiheula gara-gara di bobodo ku lalaki, ngarana Awit. Manehna nganggap kawin ka Awit teh murni dek nulungan Awit tina kawiwirangan, euweuh rasa suka saeutik oge, malahmah mikaijid kanu ngarana Awit teh, nu nyebabkeun manehna kudu pepegatan jeung Mila,awewe nu kumanehna dipiasih tibaheula. Salila rumah tangga jeung Awit, Inu ngarasa kaduhung nurut kana kanyaah manehna ka indung, hayang balas budi ngajait tina wiwirang. Padahal Mila, awewe nu salila ku manehna dipiasih jeung dipuja teh geus hianat ti memeh Inu papangantenan jeung Awit oge. Sanggeus manehna frustasi ditinggalkeun ku Mila, nu megatkeun tali kaasih sarta dek dipiboga kubatur, manehna jadi luntang-lantung teu puguh kamana tujuan, maen awewe, nepika ngalakukeun hal anu dianggap haram kuagama nurutkeun kahayang nafsuna hungkul, gara-gara nurutkeun omongan sobat dalitna, Obos. Malahan, kubakat keuheulna Inu ka Awit, gara-gara pepegatan jeung Mila, basa anak na Awit dek babar manehna kalahka ngaleos sabari ketus, embung nungkulan saeutik-saeutik acan nepika ampleng-amplengan kabur, leuwih ti sabulan.
                Lila-lila manehna jadi babalik pikir, jeung karasa heuras jeung paitna kahirupan dunya teh. Salila ieu, Awit, nu kumanehna dipiijid jadi jalma anu geus bisa ngagantikeun Mila. Anggapan manehna ngeunaan hiji-hiji jelema teh salah, utamana ka Awit, nu dina pikiran manehna salila ieu awewe teu bener, bangor, euweuh tanggung jawab jadi indung, jeung teu bisa diandelkeun teh jadi robah. Sanggeus Awit nu asalna bogoh ka Inu, geus apal yen Inu sok datang kamanehna sanggeus pepegatan jeung Mila, jeung asa dijadikeun panglumpatan hungkung jadi ngarasa geuleuh jeung asa teu di hargaan ku Inu. Sanggeus anak Awit lahir, Awit ngangaranan eta budak teh Ina, ku bakat deudeuh-deudeuh teuing ka Inu. Tapi lila-lia Inu nunjukukeun yen manehna geus rubah, jeung hayang ngahiji jadi salakina Awit.
    A. Tokoh jeung Panokohan
    1. Inu                                                   : Teu dewasa, labil, nyaah ka indung
    2. Awit                                                : Sabar, bageur, nyaahan, introspeksi maneh
    3. Obos                                                : ngajak kana kagorengan
    4. Ema (indung Inu)                            : Asak jejegan, nyaahan
    5. Yuyum (adina Inu)                         : manja
    6. Mamih (Indungna Awit)                 : teu tanggung jawab, nyaahan
    7. Ira                                                    : ngajak kana kagorengan
    8. Mila                                                 : hianat, munafik

    B. Unsur Carita
    1. Alur
    Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
    2. Tema
    Anggapan anu salah
    3. Katerangan
    Tempatna di Garut jeung Bandung.

    C. Kaunggulan jeung kalemahan
    Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos kieu :

    1.         Kaunggulan
    - Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
    - Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
    - Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
    - Pangarangna pinter nyamunikeun saha nu jadi ka Inu
    -Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

    2.    Kalemahan
    - Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun
    hiji kulawarga.

    Wasta         : Kapita Putri H
    Kelas          : XI IPA 3
    Tugas resnsi novel sunda

    Saudagar batik


    judul buku     : sudagar batik
    pangarang      : ahmad bakri
    pamedal         : perwakilan kiblat buku utama
    kandel buku   : 81 lembar

     Akhirna Si Kasja the minggat, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus bae diteangan. Ka ditu ka dieu, tapi Si Kasja teu tembong-tembong. Bapa Si Kasja neangan nepi ka kahujanan. Tapi sanggeus sababaraha poe nepi ka geus aya mingguna, bapa Si Kasja pada ngarubung-rubung, beurang peuting teu kendat pada ngaremitan. Geus teu asup dahareunrrajeunan dipaksa bubur sasundak-sasendok reremenna mah kautahkeun deui. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna.
                Sangggeus ditinggalkeun ku salakina, Sanukri anu ngabereskeun sagala kaperluan ti mimiti thlil, tiluna, tujuhna, nepi ka matang puluh. Indung Si Inen mah kari ngajalankeun, aya kakurang asal daek menta, tara harese, ta-sok the saenyana. Tatangga-tatanggana nya kitu deui pada maruji kana kahadean Sanukri teh, nepi ka jadi sabiwir hiji.
    Sereresna hajat matangpuluh, sorena Sanukri nyaritakeun utangna Bapa Si Kasja, Sanukri menta digantianku sawah nu di Cimandala.  Indung Si Inen ngarenjag ngadenge pamenta Sanukri, tapi ku sabab utangna gede pisan akhirna sawahna ka Sanukri. Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inen, pagaweanana ukur buburuh neangan sahuap-saopeun.
                Sababaraha poe, saacan lebaran, Si inen menta dipangmeulikeun baju jeung calana ka indungna. Indungna karunya ka anakna, ti lebaran-lebaran kamari tara dipangmeulikeun baju,akhirna Indung Si Inen ngajual embe ka Sanukri keur anakna bade sunatan. Tapi Sanukri teh teu mayar-mayar ka indung Si Inen, padahal duitna teh keur meulikeun baju Si Inen. Indung Si Inen leos wae balik bari nyusutan cimata, bari ngingetan genep taun kamari, basa bapana jeung Si Kasja. Datang ka imah lebah lawang paasrog jeung Ua Unah. Sanggeus dicaritakeun ti mimitina, Ua Unah ambek ku kalakuan Sanukri anu adatna goreng.
    Tanggal wewlasan bulan Sapar ka lembur aya semah, jelema pinanggih. Dedeganana jangkung begang, pasemon bangun someah pikacongggaheun. Umurna kira-kira lima puluhan. Ngaranna Abdul Rajak, asal baheula ti Pameungpeuk, ngumbara di Pakalongan geus aya likurna taun, jeung karamat. Loba-loba dongengna teh, papanggihan di geusan pangjarahan. Sanukri menta kumaha rek bisa jadi sudagar batik ka abah, ceuk abah kudu aya saratna, saratna nyaeta kahiji ulah ngalalaworakeun kana ibadah, kadua kudu aya modal memeh dibalanjakeun ka Cirebon, teras kedah mahanan pare saranggeuy piwudukeun, pieusieun panjang jimat tea. Sanggeus kitu, Sanukri ngajual sawah, kebon, munding nepi ka sagala hartana keur modal ka abah. Tapi geus lila, Sanukri jeung bojona ngarep-ngarep Abah Abdul Rajak sumping. Nyi Ioh, pamajikanna Sanukri teu sabar haying geura-geura dadasar, ngeber-ngeber dagangan batik.
    Sanukri beak harepan, pamajikanna ceurik bae,awakana geus arorot pisan balas kurang dahar kurang sare gawena ngutruk wae yarekan Abdul Rajak si tukang tipu. Indung Si inen datang nagih duit tea, tapi Sanukri keur pusing, duit kabeh dipasrahkeun, lat wae hutang mah kapopohokeun. Paribasa can aya can ayateu ka jelema saliwat, lading sawah lading kebon dibahankeun, mun merlukeun babayar heula, bisi kabawa paeh! Asa ditipu, jel ka dinyah, hajat murus! Ceuk indung Si Inen bari ngajengkat balik.
    Pananggalan puasa, balik ngarit Si Inen nyampak semah di imahna, keur diuk wae di tepas. Jajaka anyar pinanggih papakeanana ginding. Olohok wae nenjo semah rek nanya era, Si Kasja nyampeuran Si Inen jeung indungna. Indungna ngarangkul bari ceungceurikan. Tatangga rabul, kaget ngadenge nu midangdam. Geus puguh nu sosonoan mah leungit waeh kahariwang teh. Si Kasja nanyakeun bapana, tapi bapana geus maot tuluy Si Kasja goak deui. Tina koper Si Kasja ngaluarkeun papakean, sok ka indungna sing sarwa tilu. Si Inen mah teu dikirim papakean jadi,kaputeunana wae, da teu kacipta degdeganana cenah, bisi teu meujeuhna. Nuturkeun urang Panumbangan cenah, nu sok dagang mulang ka Palembang. Meunang opat taun ngagandek. Sanggeus apal kana jalan dagang, tuluy diajar macakal. Modalna  muka cengcelengan, da buruhan tara dicoceng, kurang sautak-saeutik ditambahan ku dunungan. Remen pulang anting tea nah ka Batawi ka Bandung nyiar dagangan, tapi rek balik the engke  deui, engke deui, haying beubeunangan heula. Sarerea saregep pisan ngabandungan nu nyaritakeun lalakon ngumbara, bisa balik mawa kabungahan.
    Maleman Lebaran dapur indung Si Inen haneuteun. Si Inen jeung lanceukna maridang, dirubung-rubung ku babaturanana bari nyareungeutan pepetasan di buruan. Peuting harita Sanukri hujan cimata, beda pisan jeung lebaran taun tukang, hatena poek mongkleng nyeri peurih teu angges-anggeus, dipacikeuh ku jelema saliwat. 

    Panganten

    jejer buku: panganten
    panulis :deden abdul aziz
    pamedal :PTkiblat buku utama
    citakan :citakan ka-2,jumadil akhir 1431 H/Juni 2010
    kandel buku:99 kaca


    Novel Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.
    Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
    Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.