judul buku : sudagar batik
pangarang : ahmad bakri
pamedal : perwakilan kiblat buku utama
kandel buku : 81 lembar
Akhirna Si Kasja the minggat, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus bae diteangan. Ka ditu ka dieu, tapi Si Kasja teu tembong-tembong. Bapa Si Kasja neangan nepi ka kahujanan. Tapi sanggeus sababaraha poe nepi ka geus aya mingguna, bapa Si Kasja pada ngarubung-rubung, beurang peuting teu kendat pada ngaremitan. Geus teu asup dahareunrrajeunan dipaksa bubur sasundak-sasendok reremenna mah kautahkeun deui. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna.
Sangggeus ditinggalkeun ku salakina, Sanukri anu ngabereskeun sagala kaperluan
ti mimiti thlil, tiluna, tujuhna, nepi ka matang puluh. Indung Si Inen mah kari
ngajalankeun, aya kakurang asal daek menta, tara harese, ta-sok the saenyana.
Tatangga-tatanggana nya kitu deui pada maruji kana kahadean Sanukri teh, nepi
ka jadi sabiwir hiji.
Sereresna hajat matangpuluh, sorena Sanukri nyaritakeun utangna Bapa Si
Kasja, Sanukri menta digantianku sawah nu di Cimandala. Indung Si Inen ngarenjag
ngadenge pamenta Sanukri, tapi ku sabab utangna gede pisan akhirna sawahna ka
Sanukri. Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inen, pagaweanana ukur buburuh
neangan sahuap-saopeun.
Sababaraha poe, saacan lebaran, Si inen menta dipangmeulikeun baju jeung calana
ka indungna. Indungna karunya ka anakna, ti lebaran-lebaran kamari tara
dipangmeulikeun baju,akhirna Indung Si Inen ngajual embe ka Sanukri keur anakna
bade sunatan. Tapi Sanukri teh teu mayar-mayar ka indung Si Inen, padahal
duitna teh keur meulikeun baju Si Inen. Indung Si Inen leos wae balik bari
nyusutan cimata, bari ngingetan genep taun kamari, basa bapana jeung Si Kasja.
Datang ka imah lebah lawang paasrog jeung Ua Unah. Sanggeus dicaritakeun ti
mimitina, Ua Unah ambek ku kalakuan Sanukri anu adatna goreng.
Tanggal wewlasan bulan Sapar ka lembur aya semah, jelema pinanggih.
Dedeganana jangkung begang, pasemon bangun someah pikacongggaheun. Umurna
kira-kira lima puluhan. Ngaranna Abdul Rajak, asal baheula ti Pameungpeuk,
ngumbara di Pakalongan geus aya likurna taun, jeung karamat. Loba-loba
dongengna teh, papanggihan di geusan pangjarahan. Sanukri menta kumaha rek bisa
jadi sudagar batik ka abah, ceuk abah kudu aya saratna, saratna nyaeta kahiji
ulah ngalalaworakeun kana ibadah, kadua kudu aya modal memeh dibalanjakeun ka
Cirebon, teras kedah mahanan pare saranggeuy piwudukeun, pieusieun panjang
jimat tea. Sanggeus kitu, Sanukri ngajual sawah, kebon, munding nepi ka sagala
hartana keur modal ka abah. Tapi geus lila, Sanukri jeung bojona ngarep-ngarep
Abah Abdul Rajak sumping. Nyi Ioh, pamajikanna Sanukri teu sabar haying
geura-geura dadasar, ngeber-ngeber dagangan batik.
Sanukri beak harepan, pamajikanna ceurik bae,awakana geus arorot pisan
balas kurang dahar kurang sare gawena ngutruk wae yarekan Abdul Rajak si tukang
tipu. Indung Si inen datang nagih duit tea, tapi Sanukri keur pusing, duit
kabeh dipasrahkeun, lat wae hutang mah kapopohokeun. Paribasa can aya can
ayateu ka jelema saliwat, lading sawah lading kebon dibahankeun, mun merlukeun
babayar heula, bisi kabawa paeh! Asa ditipu, jel ka dinyah, hajat murus! Ceuk
indung Si Inen bari ngajengkat balik.
Pananggalan puasa, balik ngarit Si Inen nyampak semah di imahna, keur diuk
wae di tepas. Jajaka anyar pinanggih papakeanana ginding. Olohok wae nenjo
semah rek nanya era, Si Kasja nyampeuran Si Inen jeung indungna. Indungna
ngarangkul bari ceungceurikan. Tatangga rabul, kaget ngadenge nu midangdam.
Geus puguh nu sosonoan mah leungit waeh kahariwang teh. Si Kasja nanyakeun
bapana, tapi bapana geus maot tuluy Si Kasja goak deui. Tina koper Si Kasja
ngaluarkeun papakean, sok ka indungna sing sarwa tilu. Si Inen mah teu dikirim
papakean jadi,kaputeunana wae, da teu kacipta degdeganana cenah, bisi teu
meujeuhna. Nuturkeun urang Panumbangan cenah, nu sok dagang mulang ka
Palembang. Meunang opat taun ngagandek. Sanggeus apal kana jalan dagang, tuluy
diajar macakal. Modalna muka cengcelengan, da buruhan tara dicoceng,
kurang sautak-saeutik ditambahan ku dunungan. Remen pulang anting tea nah ka Batawi
ka Bandung nyiar dagangan, tapi rek balik the engke deui, engke deui,
haying beubeunangan heula. Sarerea saregep pisan ngabandungan nu nyaritakeun
lalakon ngumbara, bisa balik mawa kabungahan.
Maleman Lebaran dapur indung Si Inen haneuteun. Si Inen jeung lanceukna
maridang, dirubung-rubung ku babaturanana bari nyareungeutan pepetasan di
buruan. Peuting harita Sanukri hujan cimata, beda pisan jeung lebaran taun
tukang, hatena poek mongkleng nyeri peurih teu angges-anggeus, dipacikeuh ku
jelema saliwat.







Tidak ada komentar:
Posting Komentar