JudulResensi : Jodo nu
teu disangka
Aam Amilia téh salah sahiji
pangarang wanoja Sunda nu kawilang produktif tur penting dina Sastra Sunda.
Mimiti ngarang ti taun 1960-an, nepi ka 2006 ratusan carpon jeung puluhan buku
nu geus ditulis.Karangan Aam Amilia réréana mah ngagambarkeun kahirupan di
pakotaan. Aya deuih sawatara karanganana nu ngandung unsur detéktif, siga dina
buku Kalajengking. Lian ti ngarang, Aam gé ngipuk sawatara pangarang ku
ngayakeun keurseus ngarang. Di antara pangarang nu kungsi kaasuh ku Aam téh
Holisoh MÉ jeung Hérmawan Aksan.Lahir di Bandung, 21 Désémber 1946. Kungsi jadi
wartawan jeung redaktur Majalah Manglé, majalah Hanjuang, koran Sipatahoenan,
tabloid Galura, tabloid Kudjang, koran Sunda,
wartawati Pikiran Rakyat.Buku kénging Aam Amilia: Samagaha (1969),
Asmara Ngambah Sagara (1970), Lalangsé (1970), Jago-jago
Bandung Selatan (carita barudak), Puputon (1979), Buron (1980),
Sanggeus Halimun Peuray, Kalajengking (1980), Tempat Balabuh (1994),
Sekar Karaton (1994), Panggung Wayang (1992).
Novel Sanggeus Halimun
Pueray nyaritakeun pamuda ngora nu nyaah ka indung ngarana Inu, ngalalakonan
hirup kudu nulungan kawiwirangan anak babaturan indungna, anu hamil tiheula gara-gara
di bobodo ku lalaki, ngarana Awit. Manehna nganggap kawin ka Awit teh murni dek
nulungan Awit tina kawiwirangan, euweuh rasa suka saeutik oge, malahmah
mikaijid kanu ngarana Awit teh, nu nyebabkeun manehna kudu pepegatan jeung Mila,awewe nu kumanehna dipiasih tibaheula. Salila rumah
tangga jeung Awit, Inu ngarasa kaduhung nurut kana kanyaah manehna ka indung, hayang balas budi ngajait tina wiwirang. Padahal Mila,
awewe nu salila ku manehna dipiasih jeung dipuja teh geus hianat ti memeh Inu
papangantenan jeung Awit oge. Sanggeus manehna frustasi ditinggalkeun ku Mila,
nu megatkeun tali kaasih sarta dek dipiboga kubatur, manehna jadi
luntang-lantung teu puguh kamana tujuan, maen awewe, nepika ngalakukeun hal anu
dianggap haram kuagama nurutkeun kahayang nafsuna hungkul, gara-gara nurutkeun
omongan sobat dalitna, Obos. Malahan, kubakat keuheulna Inu ka Awit, gara-gara
pepegatan jeung Mila, basa anak na Awit dek babar manehna kalahka ngaleos
sabari ketus, embung nungkulan saeutik-saeutik acan nepika ampleng-amplengan
kabur, leuwih ti sabulan.
Lila-lila manehna jadi
babalik pikir, jeung karasa heuras jeung paitna kahirupan dunya teh. Salila
ieu, Awit, nu kumanehna dipiijid jadi jalma anu geus bisa ngagantikeun Mila.
Anggapan manehna ngeunaan hiji-hiji jelema teh salah, utamana ka Awit, nu dina
pikiran manehna salila ieu awewe teu bener, bangor, euweuh tanggung jawab jadi
indung, jeung teu bisa diandelkeun teh jadi robah. Sanggeus Awit nu asalna
bogoh ka Inu, geus apal yen Inu sok datang kamanehna sanggeus pepegatan jeung
Mila, jeung asa dijadikeun panglumpatan hungkung jadi ngarasa geuleuh jeung asa
teu di hargaan ku Inu. Sanggeus anak Awit lahir, Awit ngangaranan eta budak teh
Ina, ku bakat deudeuh-deudeuh teuing ka Inu. Tapi lila-lia Inu nunjukukeun yen
manehna geus rubah, jeung hayang ngahiji jadi salakina Awit.
A. Tokoh jeung
Panokohan
1. Inu :
Teu dewasa, labil, nyaah ka indung
2. Awit :
Sabar, bageur, nyaahan, introspeksi maneh
3. Obos :
ngajak kana kagorengan
5. Yuyum (adina Inu) : manja
6. Mamih (Indungna Awit) : teu tanggung jawab, nyaahan
7. Ira :
ngajak kana kagorengan
8. Mila : hianat, munafik
B. Unsur Carita
1. Alur
Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
2. Tema
Anggapan anu salah
3. Katerangan
Tempatna di Garut jeung Bandung.
C. Kaunggulan
jeung kalemahan
Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung
kalemahan sapertos kieu :
1. Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha nu jadi ka Inu
-Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.
2.
Kalemahan
- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana
nyaritakeun
hiji kulawarga.
Wasta :
Kapita Putri H
Kelas : XI
IPA 3
Tugas resnsi novel sunda







Tidak ada komentar:
Posting Komentar